Wednesday, 18 August 2010

Pangapungan

Watu gilang Padjadjaran,
Watu gilang sang Niskala baheula
Baheula sabale gandrung,
sa Sunda sa Siliwangi
Gemah Ripah Kerta Mukti... Raden
Naha atuh kiwari geningan sagala gati... deuh
Bongana pahiri-hiri,
Parebut dipayung tangtung
Pagirang-girang tampian,
Calik girang gede ajang
Naha alok henteu nyaho,
Somah nu lara balangsak
Geuning duh kaniaya
Nya urang papantunan,
Baheula sa Padjadjaran, sa Prabu, sa Balegandrung
Nu Gandrung ka Sunda tandang... duh
Urang mindeng jejemplangan,
Ngajmelplang jemplingkeun diri... Raden
Ulah rek kabareurangan
Si Pelung ngalingkung lembur,
hudang urang rarancangan
Rancag batan kuda lumpat,
tarikna ku dedegungan
Kebat ka Bale Rancage,
hayu di ditu gebur gumebyar.
reunggeukeun Padjadjaran tangara
Mangsa mapag jaman anyar,
mangsana ki Sunda TAndang
Rempug jukung sauyunan.. duh
Tembongkeun ajen wewesan
Satria nu Pinandita... raden
Teuas peureup lemes usap,
Pageuh keupreul lega awur
Silih asah silih asih,
Bari adil paramarta
Sinatria pilih tanding,
Raden tedak Pasundan.

Sunda Mekar

Cacandran para leluhur,
Ciri bumi dayeuh panca tengah
Lemah duhurna,
Lemah lengkobna,
Lemah padataranana.
Nagara mukti wibawa,
Perlambangna congkrang Kujang Padjadjaran,
Yasana para deweata,
Teu sulaya ti nyatana.

Kidung

Run turun bayu rahayu
Bayu tresna bayu asih
Bayu mawat kawaluyaan,
Bayu mawat kaelingan
Sakur nu kaliwatan,
Sakur nu katitincakan

urang buka tutungkusan,
Nu kahalang ku pipinding,
Dina gebang sewu lontar, Dina tulis titis tulis,
Maca uga nu waruga
Atra setra kanti sukma,
Amin ya Robbal Alamiin

Rajah

Amit ampun nun paralun,
Ka Gusti nu Maha Suci
Neda pangjiad pangaraksa,
Para Abdi-abdi Seni
Seja ngaguar laratan,
Titis Waris Nini Aki
Ngembatkeun jalan laratan,
Katampian geusan mandi,
Ka leuwi Sipatuhanan,
Leuwi nu ngaruncang diri
Diri anu Sakiwari,
Rek muru lurungan tujuh
Ngaliwat ka Padjadjaran,
Bongan hayang pulang anting
Padungdengan padungdengan
Jeng usikna pangancikan
Pun... Sapun... !

Sampurasun karumuhun,
Ka Hiyang Prabu Silihwangi,
Nu Murba di Padjadjaran,
Pangauban seweu siwi
Nu Gelar di tatar Sunda,
Muga nyebarkeun wawangi.